Assalamu'alaikum Wr. Wb. Kahatur para mitra sepuh anom jaler istri nu kantos ngarandapan kaendahan rasa. Langkung tipayun, sumangga urang dugikeun puji sareng syukur ka Gusti Nu Maha Agung, Gusti Nu Maparinan sarwaning rasa, Gusti Nu Maparinan sarwaning kaendahan, sarta Gusti Nu Ngusik-Malikeun pikir. Sinareng ieu nyanggakeun rupining artikel, serat sastra sunda kenging ngempel-ngempelkeun karya sastrawan sunda nu lian sarta artikel sajarah sunda nu patula-patali sareng kahirupan nini aki urang baheula. Serat-serat nu dilokat ku duriat, diserat ku para sastrawan sareng seniman. Artikel sajarah nu di bolekerkeun ku piunjuk atanapi katerangan tina kabuyutan-kabuyutan ti nini aki urang. Taya deui nu dimaksad, iwal ti seja midangkeun kamotekaran dina ngawujudkeun rasa tresna. malah mandar janten ubar humandeuar, koreheun para rumaja nu dialajar bahasa rasa tur bahasa sunda.Teu aya sanes enggoning miara ajen inajen kabudayaan sunda. Pamungkas pihatur, bilih tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, pon kitu deui bilih aya catur nu teu kauukur aya kecap nu teu kasasar. dugi ka pondok nyogok panjang nyugak upamina. Agung cukup lumur nu kasuhun jembar hampurana nu kateda. Wassalamu'alaikum Wr. Wb. | ||||||||
| ||||||||
